Senin, 16 Januari 2012

BUTA DAOR " DANGIANG KENCANA "

Buta " DANGIANG KENCANA " adalah replikasi tradisi budaya Pasundan khususnya di Desa Cibeureum Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis Provinsi Jawa Barat dalam rangka pesta panen padi yang diangkat kepermukaan melalui :



PROSESI SENI
“ NGARECAK ”

Nyukcruk galur catur saur kapungkur, nyaliksik tradisi tali paranti para patani, nu ngetren dina tatanen mangsana panen, adat tradisi budaya luhur, kiwari luntur ngan ukur jadi bukur catur.
Urang guar carita lawas nu endah ngahudang waas matak kagagas, nu kebek ku ajen tinajen sosial kagotong royongan.

Prosesi tatanen ti munggaran muka lahan, tug dugi ka syukuran mangsa panen nu leubeut ku kabagjaan pangasih Gusti Illahi  nu mucekil mipit hasil.

Pangwangunan Parahiyangan
( Madenda )
Matak kelar matak waas, gunung-gunung parentul ngajajar
Ngadak ngadak sagala beunghar, cai cur cor tambah betah
Anteb leleb mun disawang

Isuk-isuk patani pucunghul
Haget ngagen pancen gecruk macul

Duh.........................waas Parahyangan. Hejo lembok tur endah asri
Duh ........................waas Parahyangan. Gemah ripah lohjinawi

Pangwangunan nagara. Mikabutuh tanaga
Malar endah. Indonesia raharja

Tanah nu endah...................sawah nu ngampar, hejo ngemploh.......jeung rentulna saung ranggon nu ranteng ku tali-tali kokoprak jeung bebegig sawah, ngukuprak manuk-manuk piit nu ricit, sarta beurit-beurit milu mipit,.haseup durukan nu ngelun di unggal saung, disarengan ku gelikna suling matak waas jadi panineungan, hiji tarekah Pa Tani ngagebahan hama.

Munggaran ...........medar tatanen mangsa ngawitan pare reuneuh:
Pa Tani kalih Ambu Tani...................tatahar sok nyieun rurujakan keur bekel lolongok ka sawah bisi hanaang puyeng dina tengah poe bari alak ilik kana tatanen disarengan gegerenyeman dina hate sangkan pare nu reuneuh eta mulus taya nu ngaganggu.

Mangsa pare rampak koneng tantangan Pa Tani ku gangguan-gangguan hama, tunggu sawah di saung ranggon nyingsieunan hama ku ngoyag ngoyag kokoprak jeung bebegig sawah.

Manjing pare alaeun seja mupuhunan, Pa Tani sareng Ambu Tani nyiapkeun rupa rupa kaperluan pikeun mitembeyan/ngamimitian panen, anu diantarana:

1.      Rarakaan kadaharan, diantarana :
Cara bodas,cara beureum, congcot anu ditumpangan ku kulub endog, cabe beureum, bawang beureum, tangtang angin, buras, cikopi, cai bodas dina kendi, jeung saterusna.
2.      Bahan nu sejenna:
Payung, hanjuang, tangkal tiwu, daun kawung ngora dirumbaykeun, surutu, menyan, beungkeutan suluh durukeun, samping nu ditilepkeun sareng lawon bodas.
Eta bahan teh diatur ditata di sawah sisi galeng, kalayan rarakaan kadaharan diwadahan dina nyiru.

Isuk-isuk keneh Pa Tani geus saged make baju hideung bari sirahna diiket, munajat kanu Maha Kawasa sangkan pare nu rek dipanen sing mucekil ku hasil bari aya dina kabarokahan.
Beres munajat, Pa Tani singkil ngamimitian ngala pare.




ALUR KAGIATAN PROSESI SENI
“ NGARECAK “

1.      Muka carita tata cara baheula, mangsana pare di sawah rampak beukah:
Panyawah lolongok bari mawa rurujakan minangka ciri pangbagea ka DEWI SRI nu kakara medal, nu disimpen dina unggal juru kotakan.
Silokana bebekelan Panyawah keur lolongok tengah poe bilih lieur tur hanaang, disarengan ku munajat ka nu Maha Kawasa  
( sangkan polahan sawah mulus rahayu )

2.      Kagiatan mangsa pare beuneur hejo.
Masang kokoprak di tengah sawah ditalian ranteng ka saung ranggon.
Masang bebegig tina baju urut diraragaan ku awi, dudukuyna tina haseupan urut anu geus butut.
Kokoprak ditarik ku nu tunggu di saung ranggon, Bebegig Sawah katebak ku hiliwirna angin, ting koleang lir ngabegegan.
Manuk Piit ricit tingjarerit, beurit-beurit jicir tingbalecir.
( Sangkan pare mulus rahayu teu keuna ku hama )

Selang-selang tina ngukuprak manuk nu haliber ka jauhna, disarengan ku sora gelikna suling ngahariring sangkan pikir nyaring ngageuing eling kana nikmat pangasih Gusti.

3.      Rasa bagja gelarna amparan DEWI SRI ngarumbay ruhruy koneng ruhay umyang disawang ti kaanggangan.
( mangsana dipanen )

Mangsa rek ngamimitian panen, panyawah neundeun ciri di sawah nu rek dipibuatan nu disebut : SAWEN di wangun ku rupa rupa kadaharan nu disebut RARAKAAN.

Panyawah meunang dandan papakean sarwa hideung diiket ngadunga di panyawenan anu jadi harepan hasil nu mucekil disarengan barokah.

Panyawah sok ngajak nu rek mantuan ngala pare nelahna nu rek GACONG kirata tina sasangga sapocong, ari sasangga teh 5 pocong hartina nu gacong teh sok diburuhan sapocong.
Dina waktu nu gacong daratang ka sawah sok parebut kadaharan tina SAWEN             ( Jampana )
Parebut dahareun silokana hama parasea.

4.      Hasil pare dipanen diakut ka saimah imahna pikeun dipoe.
Mun pare ranggeuyan hasil meungkeutan sageugeus-sageugeus ditanggungan, mun pare murag mah sok diirik diwadahan kana tolombong atawa karung.
Pare munang moe dimana geus garing sok diampihan kana leuit, pare karungan jeung pare geugeusan sok ditumpuk di jero leuit.

5.      Panyawah gerah........nu buburuh teu rumahuh......buburuh nutu diupah beas.
Jajaka wanoja saruka bungah galumbira, bujang jeung lanjang di saung lisung tarutunggulan ngagondang bari garogonjakan sempal guyon.
Silih simbeuh ku kadeudeuh, karakawihan bari nepungkeun jodo.

6.      Teretet tarompet..............ting sereset matak nyeredet lir nu kadempet.
Tepak kendang...............ngondang kapanasaran nu tandang makalangan.
Ibing silat................rikat ku jurus- jurus Cikalong Cimande.
Tepak Tilu .............. Tepak Dua .......... Paleredan .............. Padungdung.............. matak kayungyun...................
Goong ngungkung.......................tembus kana jajantung nu keur liwung, geusan nyinglarkeun kabingung nu teu daek suwung.



GELARNA PROSESI SENI TRADISI BUDAYA SUNDA SABADA RENGSE PANEN TAWIS KABUNGAH PANYAWAH GERAH SANGKAN BAROKAH
KEUR AMAL IBADAH.


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar